Lompat ke isi

Kawaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Animasi médis 3D anu nunjukkeun struktur ogé lokasi limpa dina awak manusa.

Kawaya, kalilipa, atawa limpa hartina kelenjar vertebrata nu, najan teu vital pikeun hirup, patali pisan jeung sistim sirkulasi, nu pancénna ngancurkeun sél getih beureum nu geus kolot/paéh jeung kokotor séjénna ti aliran getih, sarta dina mertahankeun simpenan getih. Limpa téh dianggap salaku puseur kagiatan sistim rétikuloéndotélial.

Sababaraha kasakit jeung cacad aya nu dibalukarkeun ku limpa nu ngabadagan, malah bisa nepi ka "minuhan" abdomén bagian kénca. Sababaraha kasakit nu ngabalukarkeun bareuh limpa (katelah splénomégali), di antarana malaria, éndokarditis baktéri, leukemia, pernicious anaemia, leishmaniasis, kasakit Hodgkin, kasakit Banti, tumor, jeung sférositosis ngawaris.

Euweuhna limpa bisa ngagampangkeun urang katarajang inféksi séptikémia.


pFad - Phonifier reborn

Pfad - The Proxy pFad of © 2024 Garber Painting. All rights reserved.

Note: This service is not intended for secure transactions such as banking, social media, email, or purchasing. Use at your own risk. We assume no liability whatsoever for broken pages.


Alternative Proxies:

Alternative Proxy

pFad Proxy

pFad v3 Proxy

pFad v4 Proxy