Content-Length: 82422 | pFad | https://su.wikipedia.org/wiki/Teater_Romawi

Teater Romawi - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Teater Romawi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Teater Romawi di Orange, Prancis

Sanggeus taun 200 SM, kagiatan seni pindah ti Yunani ka Roma, kitu ogé jeung drama.[1] Drama-drama Romawi kacida pentingna dina kamekaran sajarah lantaran gedé pangaruhna ka jaman Renaissance.[1] Loba panulis Renaissance nu tatapakanana tina drama-drama Yunani nu disadur kana drama Romawi, misalna waé William Shakespeare.[1]
Téater Roma mangrupa hasil adaptasi tina téater Yunani, bédana téh dina scene ditambahan témbok nu jangkung nu disebut FaÇade. Panggung mibanda pungsi minangka jalan.[2]
Pamaréntah ngan saukur méré bantuan dina pintonan-pintonan, sedengkeun waragadna mah jadi tanggung jawab jalma nu baleunghar.[2]

Wangun drama di Teater Romawi

[édit | édit sumber]

Tragédi

[édit | édit sumber]

Wangun drama ieu diwanohkeun ka Roma taun 240 SM ku Livius Andronicus (ngaliwatan saduran tragédi-tragédi Yunani).[2] Panulis tragédi nu kasohor nyaéta Lucius Annaeus Seneca (4 SM-65 SM).[2] Seneca nyaéta inohong politik jeung sasta sarta sauranf filsuf nu nganut mazhab STOA.[2] Tulisan-tulisanana leuwih museur kana filsafat, sawatara surat, esei, sarta hiji satyr jeung 9 tragédi.[2]

Komédi

[édit | édit sumber]

Ampir sarua jeung komédi anyar Yunani.[2] Lakon koor dileungitkeun sarta ditambahan ku musik jeung lagu.[2] Panulis-panulisna nyaéta Terence jeung Plautus.[2]

Drama minor

[édit | édit sumber]

Ieu drama dibagi jadi tilu nyaéta farce péndék, mime (drama péndék nu faktual), jeung pantomim.[3]
Jenis drama nu dipikaresep di Roma nyaéta komédi, farce péndék, pantomime, jeung pintonan-pintonan sénsasional.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 16 (id)
  2. a b c d e f g h i j Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 17 (id)
  3. Sumardjo, Jakob.1986.Ikhtisar Sejarah Teater Barat.Bandung:Angkasa Kaca 19 (id)










ApplySandwichStrip

pFad - (p)hone/(F)rame/(a)nonymizer/(d)eclutterfier!      Saves Data!


--- a PPN by Garber Painting Akron. With Image Size Reduction included!

Fetched URL: https://su.wikipedia.org/wiki/Teater_Romawi

Alternative Proxies:

Alternative Proxy

pFad Proxy

pFad v3 Proxy

pFad v4 Proxy